Lirik Lagu Ebith Beat*A - Saha Ngaran Maneh Saha

Lirik Lagu Ebith Beat*A - Saha Ngaran Maneh Saha
Ebith Beat*A 
[Intro]
Yeuh! Dangukeun ebith beat A Yeuh!

[Chorus]
Saha ngaran maneh saha ? Imah dimana ?
Saha ngaran maneh saha ? Anakna saha ?
Saha ngaran maneh saha ? Hayang jadi saha ?
Saha ngaran maneh saha ? 2x

[Verse1]
Meureun aya keneh loba jelema di dunya
Nu poho kana ngaran babaturanana atawa dulurna
Padahal geus kenal sakitu lila
Rek nanya era teu nanya disangka balaga
Siga dewek, Ebith!
Imah di Rancaekek
Hiji jelema nu kaasup loba pohona
Boh ngaran babaturan atawa pepegatan
Hayang jadi jelema kasohor tapi hirupna loba molor
Mendingan jadi TKW indit ka negeri Johor
Sakola eureun tengah jalan
Loba teuing hirup di jalan bari euweuh pamasukan
Ngahesekeun sorangan
Mun aya nu nanya, kieu nembalana..

[Chorus]
Saha ngaran maneh saha ? Imah dimana ?
Saha ngaran maneh saha ? Anakna saha ?
Saha ngaran maneh saha ? Hayang jadi saha ?
Saha ngaran maneh saha ? 2x

[Verse2]
Ayeuna! Geus kapikir kudu loba mikir
Ayeuna! Geus waktuna kudu nyorang pangabisa
Hayang sukses kudu loba akses
Lain loba ngagunakeun kartu askes
Bayaran hutang meh urang moal wirang
Sehat jasmani tong loba kaluar tengah wengi
Irit lain harti kudu pelit
Tong loba nyarita nu euweuh hartina
Tong poho babaturan, dulur jeung kulawarga
Siga Dewek Ebith! Imah di Rancaekek
Hiji jelema nu kaasup loba hayangna
Saeutik pangabisa loba babaturannana
Nyoba ngadu nasib
Loba gede saeutik leutik nu penting bisa
Moal poho babaturan, dulur jeung kulawarga
sabab mbung ditanya

[Chorus]
Saha ngaran maneh saha ? Imah dimana ?
Saha ngaran maneh saha ? Anakna saha ?
Saha ngaran maneh saha ? Hayang jadi saha ?
Saha ngaran maneh saha ? 2x
Previous
Next Post »
Thanks for your comment
Powered by Blogger.